Jenis - Jenis Pupuh
1. Pupuh Sinom
Pupuh sinom nyaéta salah sahiji pupuh sekar ageung. Pupuh sinom ngagaduhan watak gumbira jeung rasa kadeudeuh. Satiap pada dina pupuh sinom ieu aya 9 padalisan. Pupuh sinom ieu ngagaduhan guru wilangan jeung guru lagu anu ngabentuk pola 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.
Conto pupuh sinom:
Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
julung-julung ngajalingjing [8-a]
sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]
2. Pupuh Dangdanggula
Pupuh dangdanggula nyaéta pupuh nu kaasup kana sekar ageung. Pupuh ieu ngagaduhan watek kawaasan, kagumbiraan, katengtraman, atawa kaageungan. Satiap pada dina pupuh dangdanggula diwangun ku 10 padalisan. Pupuh dangdanggula ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Conto pupuh dangdanggula:
Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
kacipta salamina [7-a]
3. Pupuh Kinanti
Pupuh kinanti nyaéta pupuh nu kaasup kana sekar ageung. Pupuh kinanti ieu ngagaduhan watek ngeunan parasaan kanyaah, nungguan, atawa bisa wae deudeupeun. Jumlah padalisan di satiap padana ngan 6 padalisan. Pupuh kinanti ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.
Conto pupuh kinanti:
Budak leutik bisa ngapung [8-u]
babaku ngapungna peuting [8-i]
nguriling kakalayangan [8-a]
néangan nu amis-amis [8-i]
sarupaning bungbuahan [8-a]
naon baé nu kapanggih [8-i]
4. Pupuh Asmarandana
Pupuh asmarandana nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar ageung. Pupuh asmarandana ieu ngagaduhan watek ngeunaan parasaan nyaah, deudeuh asih, atawa kabirahian nu ditujukeun ka pasangan, kaluwarga, sahabat, jeung sabagéna. Satiap pada di pupuh asmarandana ieu ngagaduhan 7 padalisan. Pupuh asmarandana ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
Conto pupuh asmarandana:
Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
napsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]
5. Pupuh Maskumambang
Pupuh maskumambang nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh maskumambang ieu ngabawaan watek rasa kanalangsaan, atawa nyeri haté. Pupuh maskumambang diwangun ti 4 padalisan. Pupuh maskumambang ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.
Conto pupuh maskumambang:
Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]
6. Pupuh Lambang
Pupuh lambang ieu kaasup kana sekar alit. Pupuh lambang ngagaduhan téma guguyon atawa banyol, nanging guguyon atawa banyolna kedah janten renungan. Pupuh lambangg diwangun ti 4 padalisan. Pupuh lambang ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Conto pupuh lambang:
Nawu kubang sisi tegal [8-a]
nyair bogo meunang kadal [8-a]
atuh teu payu dijual [8-a]
rék didahar da teu halal [8-a]
7. Pupuh Ladrang
Pupuh ladrang ieu kaasup kana sekar alit. Pupuh ladrang ngabawaan téma guguyon atawa banyol kalawan maksadna kanggo nyindiran. Pupuh ladrang diwangun ti 4 padalisan. Pupuh ladrang ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 10-i, 8-a, 8-i, 12-a.
Conto pupuh ladrang:
Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
sok luluncatan di cai [8-i]
ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]
8. Pupuh Pucung
Pupuh pucung nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh pucung ieu ngagaduhan watek rarasaan ambek, keuheul ka diri sorangan ku sabab teu sajalan sareng batin. Pupuh pucung diwangun ti 4 padalisan. Pupuh pucung ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
Conto pupuh pucung:
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
monyét loréng leupas [6-a]
luncat kana pager déngdék [8-é]
bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]
9. Pupuh Pangkur
Pupuh pangkur nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh pucung ieu ngagaduhan watek rarasaan ambek atawa keuheul anu katahan di jero haté ku sabab aya pancén atawa beungbeurat nu beurat pisan. Pupuh pangkur diwangun ti 7 padalisan. Pupuh pangkur ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a
10. Pupuh Balakbak
Pupuh balakbak nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh balakbak ngagambarkeun watek guyonan, banyol, atawa heureuy ngeunaan kahirupan sapoé-poé. Pupuh balakbak diwangun ti 3 padalisan. Pupuh balakbak ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 15-é, 15-é, 19-é.
Conto pupuh balakbak:
Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]
11. Pupuh Juru Demung
Pupuh juru demung nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh juru demung ngagaduhan watek nu ngajelaskeun rasa kabingungan atawa kahésé kalawan perkawis anu kedah dipigawé. Pupuh juru demung diwangun ti 5 padalisan. Pupuh juru demung ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u.
Conto pupuh juru demung:
Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]
12. Pupuh Magatru
Pupuh magatru nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh magatru ieu ngagambarkeun rarasaan hanjelu(sedih), kuciwa, atawa handeueul ka diri sorangan. Pupuh magatru ogé tiasa miboga watek masihan naséhat. Pupuh magatru diwangun ti 5 padalisan. Pupuh magatru ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o
Conto pupuh magatru:
Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
Kopo reujeung Cisondari [8-i]
Cicaléngka Ujungberung [8-u]
Rajamandala Cimahi [8-i]
Lélés Limbangan Tarogong [8-0]
13. Pupuh Wirangong
Pupuh wirangrong nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh wirangrong ieu ngagambarkeun watek rasa kawiwirangan(malu) ka diri sorangan. Pupuh wirangrong diwangun ti 6 padalisan. Pupuh wirangrong ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.
Conto pupuh wirangrong:
Barudak mangka ngalarti [8-i]
ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
mangka getol mangka tigin [8-i]
pibekeleun saréréa [8-a]
modal bakti ka nagara [8-a]
14. Pupuh Mijil
Pupuh mijil nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh mijil ngagaduhan watek nu ngagambarkeun kasedih, nanging kalawan rarasaan pinuh harap. Pupuh mijil diwangun ti 6 padalisan. Pupuh mijil ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.
Conto pupuh mijil:
Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]
15. Pupuh Durma
Pupuh durma nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh durma ieu ngagaduhan watek nu sumanget, ambek, atawa gedé haté. Pupuh durma diwangun ti 7 padalisan. Pupuh durma ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i.
Conto pupuh durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]
16. Pupuh Gurisa
Pupuh gurisa nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh gurisa ieu ngagaduhan watek nu ngagambarkeun sasaurang nu keur mikiran hal nu kosong, atawa malaweung, ogé atawa ngalamun. Pupuh gurisa diwangun ti 8 padalisan. Pupuh gurisa ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Conto pupuh gurisa:
Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
teu rék buru buru mulang (8-a)
rék tuluy guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)
17. Pupuh Gambuh
Pupuh gambuh nyaéta pupuh anu kaasup kana sekar alit. Pupuh gambuh ieu ngagaduhan watek nu ngeunaan sasaurang nu keur aya kasedih, kanyeri, atawa keur aya dina kasusah. Pupuh gambuh diwangun ti 5 padalisan. Pupuh gambuh ieu ngagaduhan guru wilangan sareng guru lagu nu ngabentuk 7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o.
Conto pupuh gambuh:
Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]
Sakian artikel nu tiasa ku simkuring serat. Panulis anjurkeun ka anu maca supados gali élmuna leuwih jero deui bisi aya nu kirang jelas. Hapunteun kana kakiranganna. Hatur nuhun.